Wednesday, August 12, 2015

Contoh cerita perjalanan (Lalampahan)


�Lalampahan ka Situs sejarah Ciung Wanara�


     Dinten rebo kaping 10 Juni 2015, kuring mangkat ka Situs sejarah Karangkamulyan sabada lohor. Kuring mangkat ti Cisaga dugi  ka Karangkamulyantabuh hiji. Di Karangkamulyan salah sahiji nu munggaran kapanggih nya eta goong gede tanda Perdamaian Dunia.

 Saengeus mayar karcis, lalampahan di situs Karangkamulyan diteruskeun ka Pangcalikan.

Palinggih (pangcalikan). Panglinggih mangrupa hiji batu bertingkat-tingkat boga warna bodas sarta ngawangun segi opat. Kaasup kana golongan Yani (tempat pamujaan) anu tempatna tibalik dipake pikeun altar.
Dihandapeun Yani kasebut aya sawatara batu leutik anu saolah-olah minangka panyangga. Kukituna mere gambaran kawas hiji dolmen (kubur batu) tempatna aya dina hiji struktur tembok anu rubakna 175 x 5 meter.

Ti dinya teras mapah dugi ka Makam Sanghyang Bedil.
Tempat anu disebut �Sanghyang Bedil� mangrupa hiji rohangan anu dikurilingan ku tembok kurang leuwih 80cm. Panto nyanghareup ka beulah kaler. Dihereup panto asup aya struktur batu anu fungsina minangka aling (schuter). Dijero rohangan ieu aya dua buah menhir anu perenahna diluhur taneuh unggal ukurannana 69 cm x 40 cm sarta 20 x 8 cm. Bentukna nempokeun talari megalitik.
Nurutkeun masyarakat kira-kira �Sanghyang Bedil� bisa dijadikeun pertanda datangna hiji kajadian utama lamun ditempat eta ngaluarkeun hiji letusan. Tapi ayeuna pertanda eta geus euweuh deui.
Saentos ti Sanghyang bedil, lalampahan diteraskeun ka tempat panyabungan hayam (tempat ngadu hayam).
Tempat ieu perenahna dipelebah kidul ti lokasi �Sanghyang Bedil� kira-kira 5 meter jarakna. Ti panto asup nyaeta mangrupa rohang kabuka.
Masyarakat nganggap tempat ieu mangrupa tempat sabung hayam Ciung Wanara jeung hayam raja. Salian eta mangrupa tempat khusus jang milih raja anu dilakukeun ku sistim demokrasi.
Ti panyabungan hayam lalampahan di Situs Karangkamulyan teh diteraskeun ka panyandaan.
Bagun tina menhir jeung dolmen lokana dilingkung ku  batu nu nyusun anu mangrupikeun struktur tembok. Ukuranna 120 x 30 cm. Mun ceuk carita tempat ieu mangrupa tempat dilahirkeunnana Ciung Wanara. Ditempat eta Ciung Wanara dilahirkeun ku Dewi Naganingrum. Dewi  Naganingrum nyanda (nyandar) dina ieu loka. Masyarakat ngabogaan mitos kana tempat ieu. Sabagena masyarakat percaya aya ibu-ibu anu acan boga budak jeung hayang boga budak, kudu nyandar ditempat eta.
 Ti Panyandaan, bari istirahat lalampahan kuring ka Cikahuripan.
Diloka ieu teu aya tanda-tanda ayana paninggalan arkeologis. Tapi ngan mangrupakeun sumur nu tempatna deukeut jeung dua walungan nyaeta Citanduy jeung Cimuntur. Sumur ieu disebut Cikahuripan nu eusina cai kahuripan. Sumur ieu mangrupakeun sumur abadi. Artina can pernah saat sapanjang taun.
 Tidinya diteraskeun ka Makam Adipati Panaekan.
Di loka makam Adipati Panaekan ieu teu aya ciri-ciri ayana paninggalan arkeologis. Ngan mangrupa urutan batu walungan. Dipati panaekan nyaeta raja galuh gara Tengah anu aya di Cineam jeung meunang gelar Adipati ti Sultan Agung Raja Mataram.
 Abi sareng Tika anjog dugi ka patimuan Sipatahunan.
 

 Diditu abi sareng Tika seueur ningali monyet sato anu di lindungi ku Pamarentah Kabupaten Ciamis.


Carita Ciung Wanara ti Karangkamulyan
Numutkeun carita ti pamandu (guide) di situs Karangkamulyan, carita Karangkamulyan teh kinten-kinten spaertos kieu:
�Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita t�h nya �ta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji D�wi Naganingrum, ari nu kadua D�wi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, D�wi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kas�p jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, D�wi Naganingrum og� ngalahirkeun, diparajian ku D�wi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku D�wi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah D�wi Naganingrum t�h ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu sa�stuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka D�wi Naganingrum. Terus nitah Ki L�ngs�r supaya ma�han D�wi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja p�dah ngalahirkeun anak anjing. D�wi Naganingrum dibawa ku L�ngs�r, tapi henteu dipa�han. Ku L�ngs�r dis�longkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun t�a, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang n�ang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga t�h. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho y�n di jerona aya orok alaki anu mulus tur kas�p. Gancangna budak t�h dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya �ta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak t�h geus ged�. Tapi masih k�n�h can dingaranan. Hiji po� budak t�h milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. N�njo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna �ta manuk. Dijawab ku Aki �ta t�h ngaranna manuk ciung. Tuluy n�njo mony�t. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, �ta t�h ngaranna wanara. Budak t�h resepeun kana �ta ngaran, tuluy ba� m�nta supaya man�hna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kas�p sarta gagah pilih tanding. Ari endogna t�a, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji po�, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab r�k nepungan raja di Galuh. Inditna bari ng�l�k hayam jago t�a. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. N�njo Ciung Wanara mawa hayam jago, �ta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk ba� hayam t�h diadukeun. Hayam patih �l�h nepi ka pa�hna. Patih dua ngambek, barang r�k ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung L�ngs�r. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana mak� tandon. Lamun hayam Ciung Wanara �l�h, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu �l�h, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk ba� atuh hayam t�h diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara t�h kad�s�h, terus kapa�han. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka �lingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja �l�h nepi ka pa�hna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dib�r� nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah w�tan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabin�kasan Ki L�ngs�r, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya �ta D�wi Naganingrum.
Lila-lila r�ka perdaya D�wi Pangrenyep t�h kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh D�wi Pangrenyep t�h ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun y�n indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu �l�h sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga t�h kad�s�h ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka w�taneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian t�h. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari w�taneunana dicangking ku Hariang Banga�.

Saprak ngadangu eta carita kuring mendak elmu anu nyangkut paut daerah sorangan nyaeta Ciamis. Saentos ngupingkeun sajarah eta ti pamandu kuring mulang ka tempat karang pamidangan, nepi ka rorompok.kinten-kinten tabuh satengah.tilu.

0 Komentar

Post a Comment